TATARUNCINGAN BASA SUNDA

énjol, “Uing boga tatarucingan, Sro, alus téh. Munu’u-munu’u dibeulah aya sikian, naon cing?”
Usro, “Ah, manéh mah ari geus kitu téh, baku.”
Bénjol, “Lain geus kitu geus kitu, nyaho teu?”
Usro, “Teuing ah…”
Benjol (bari ngaléos), “Waluh, monyong!”


Lina, “Mil, ditoél ku curuk ngadelewo, ditakol ku palu beusi ngabelentrang, naon cing?”
Mila (ngahuleng), “…teuing, ah.”
Lina, “Tikotok dina tihang listrik…”



Aka, “Coba teguh Dé. Hulu Hawuan, Buntut Huntuan?”
Ade, “Ah teu asup akal tarucing téh. Taluk ah.”
Aka, “Huh dasar otak udang. Nu udud padudan.”


Ohi, “Boga duit sarébu kacokot lima sén, naon basa Cinana?”
Ade, “Kacocéng.”

Maman, “Mun, naon bédana leuweung jeung istri?”
Mamun, “Teuing atuh, naon éta mah hésé geuning.”
Maman, “Leuweung mah teu aya istrian, ari istri mah aya leuweungan.”
Mamun, “Dasar burahol manéh mah.”



Otang, “Téd, naon sababna jelema mun digeroan sok ngalieuk?”
Tédi, “Da bogaeun beuheung atuh, Tang.”
Otang, “Salah ah.”
Tedi, “Ku naon atuh?”
Otang, “Sabab jelema mah teu maké … kaca spion.”



Masduki, “Tra, ari ban mobil aya sabaraha hiji?”
Cantra, “Nya opat atuh.”
Masduki, “Heueuh. Mun mobil keur mundur, ban mana nu teu muter?”
Cantra, “Nya kabéh gé muter atuh.”
Masduki, “Aya nu teu muter Tra.”
Cantra, “Ban naon?”
Masduki, “Ban sérep.”



Kang Dudi, “Cobi Kang Toto, pangbéntenkeun korma sareng Karma.”
Kang Toto, “Anu leres mah upami korma nami buah-buahan, nanging upami Karma nami jalmi.”
Kang Dudy, “Muhun leres kitu, nanging waleran ieu mah kirang ilmiah.”
Kang Toto, “Janten waleran anu ilmiah kumaha?”
Kang Dudy (bari heureuy), “Ari korma sikina hiji, namung lamun Mang Karma sikina dua.”



Ismét, “Sri, naon sababna jalan Jagorawi disebut jalan tol?”
Sri, “Lantaran jalanna lempeng.”
Ismet, “Salah.”
Sri, “Kutan?”
Ismet, “Sabab nu nyieunna lalaki, lamun nu nyieunna awéwé mah tangtu ngaranna teh…..”



Uding, “Urang tatarucingan, yu!”
Ading, “Hayu, sok lah ti dinya heula.”
Uding, “Cing, raja naon nu sok ceurik baé?”
Ading, “Raja céngéng, lah.”
Uding, “Salah euy, lain éta.”
Ading, “Naon atuh?”
Uding, “Nya Rajagukguk anu ti Médan téa.”



Ii, “Buah naon anu panjang, konéng, amis. Tapi anu nyaho ngan semet monyét wungkul?”
Aa, “Cau lah.”
Ii, “Tah geuning nyaho, hartina manéh téh….”



Yani, “Lamun dicabak emoy, di jerona aya kacangan, naon cing?”
Reni, “Ari mimitina tina naon?”
Yani, “Hurup ‘m’ tungtungna ‘k’.”
Reni, “Embung ah jorang.”
Yani, “Da martabak hoyah!”.


Dudi, “Pulo naon nu jadi dulur urang?”
Asep, “Pulo Bali.”
Dudi, “Pulo naon nu sok ngudagan najis?”
Asep, “Morotai.”
Dudi, “Pulo naon nu teu meunang diasupan ku nu can nikah?”
Asep, “Teu nyaho.”
Dudi, “Nusahiji.”
Asep, “Geuning….?”

Awik Suhandarna S., Sub Balai PPA Jawa Barat, Jl. A. Yani No. 276 Bandung. (Mangle No. 1001).

Adik, “Tarasi naon nu panggoréngna?”
Ikin, “Tarasi? Tarasi Tegal atawa tarasi Cirebon?”
Adik, “Lain éta, kapan éta mah tarasi anu pangeunahna téa?”
Ikin, “Na tarasi naon atuh?”
Adik, “Taluk Ikin ka Adik? Da tarasi-beungeut hoyah!”
Ikin, “Lah nyindiran ….”

Komentar